- Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis = ngoyok
- Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kamari = bodo
- Areuy leuweung mérang daun, ulah sok japilus galih = pulus
- Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi = lompong
- Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati = walimah
- Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwung
- Aya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séro
- Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal = udara
- Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih
- Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri = areng
- Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit = elos
- Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug = tajug
- Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak = bayawak
- Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka abdi = merak
- Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abdi = camar
- Baréto gé batur pirus, juragan geuning pelekik = akik
- Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi = mengi
- Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung = tipung
- Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap = gelap
- Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin = sekin
- Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi = oray
- Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka Carita = kareta
- Béntang baranang di imah, samar bisa tepung deui = darma
- Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji = tanji
- Beulit cinggir simpay réma, ulah lali ka sim abdi = ali
- Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan = amismata
- Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta = timah
- Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli = gulali
- Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti = roti
- Buah kawung raranggeuyang, curuluk cisoca bijil = caruluk
- Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis = halis
- Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin = gelas
- Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha = toké
- Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti = lasun
- Catetan bulan jeung taun, juragan ménak utami = almenak
- Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri cau = bagja
- Cék lémék Jawa sumuhun, hayang téh ulah kapanggih = enggih
- Cikur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi = panglay
- Cisusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing = mantéga
Minggu, 25 Desember 2011
WAWANGSALAN
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar