1. PUPUH ASMARANDANA
PIWURUK SEPUHNgariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.
Download Pupuh Asmarandana.MP3
2. PUPUH BALAKBAK
DAYEUH BANDUNGDayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,
gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng,
tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng.
Download Pupuh Balakbak.MP3
3. PUPUH DANGDANGGULA
MILANG KALADinten ieu estu bingah ati,
ku jalaran panceg milang kala,
kenging kurnia ti Alloh,
rehing nambahan taun,
tepung taun umur sim abdi,
henteu weleh neneda,
ka Gusti Nu Agung,
malar umur teh mangpaat,
tebih bahla turta pinarinan rijki,
sumujud ka Pangeran.
Download Pupuh Dandangula.MP3
4. PUPUH DURMA
LEMAH CAINagri urang katelah Indonesia,
diriksa tur dijaring,
sumirat komarana,
berkahna Pancasila,
ageman eusining nagri,
yu sauyunan,
ngawangun lemah cai.
Download Pupuh Durma.mp3
5. PUPUH GAMBUH
KADUHUNGKaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.
Download Pupuh Gambuh
6. PUPUH GURISA
SI KABAYANSi Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.
Download Pupuh Gurisa
7. PUPUH JURU DEMUNG
ADIGUNGLolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.
Download Pupuh Juru Demung.MP3
8. PUPUH KINANTI
KANYAAH INDUNGKanyaah indung mo suwung,
lir jaladri tanpa tepi,
lir gunung tanpa tutugan,
asihna teuing ku wening,
putra teh didama-dama,
dianggo pupunden ati.
Download Pupuh Kinanti.MP3
9. PUPUH LAMBANG
WAWANGSALANDialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna.
Download Pupuh Lambang.MP3
10. PUPUH LADRANG
MOKAHAANAya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.
Download Pupuh Ladrang.MP3
11. PUPUH MAGATRU
KASAR – LEMESDupi irung lemesna teh nya pangambung,
pipi mah disebat damis,
upami buuk mah rambut,
ceuli sok disebat cepil,
kasarna angkeut mah gado.
Download Pupuh Magatru.MP3
12. PUPUH MASKUMAMBANG
BUDAK JAILAnak manuk dikatepel budak jail,
jangjangna getihan,
rek hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.
Download Pupuh Maskumambang.MP3
13. PUPUH MIJIL
NUNGTUT ELMUNajan cicing nya di tepiswiring,
kade ulah bodo,
kudu tetep nungtut elmu bae,
sabab jalma nu loba pangarti,
hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu.
Download Pupuh Mijil.Mp3
14. PUPUH PANGKUR
KA SAKOLASeja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti.
15. PUPUH PUCUNG
TATAKRAMAMangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal.
Download Pupuh Pucung.Mp3
16. PUPUH WIRANGRONG
SIEUN DORAKAKuring moal deui-deui,
gaduh panata nu awon,
ngabantah nu jadi indung,
sieun dibendon ku Gusti,
kawas Dalem Boncel tea,
doraka ti ibu-rama.
Download Pupuh Wirangrong.MP3
17. PUPUH SINOM
TATAR SUNDATatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar