Ieu conto-conto Paparikan téh lolobana geus dipikawanoh ku sabagian gedé urang Sunda; Mindeng dipaké dina kahirupan sapopoé, boh dina paguneman, dina biantara-biantara, dina kawih atawa lagu. Anapon anu dimaksud Paparikan, bisa diilo dina ieu tulisan
| Aya listrik di masigitcaangna ka pabrik Kina Aya istri jangkung alit éndahna kabina-bina Baju hideung kancing tangan dikaput ku mérang awi Nu hideung matak teu nangan sing émut ka diri abdi Baju soéh tatambalan kaput gedé jarumatna Daék sotéh ngawulaan lamun hadé rumawatna Baju tablo dibulao kembangna katuncar mawur Ari bogoh ti baréto terang-terang geus ku batur Batu turun keusik naék kalapa tonggoheunana Itu purun ieu daék sarua bogoheunana Béak daun béak randu unggal poé dibikeunan Béak taun béak windu moal weleh dileukeunan Boboko ragrag ti imah ninggang kana pileuiteun Nya bogoh ulah ka semah ari balik sok leungiteun Bubuy bulan sangray béntang panonpoé disasaté unggal bulan abdi téang unggal poé ogé hadé Carulang dipahpal kuda héjo deui héjo deui Rék mulang samar kaduga nénjo deui nénjo deui Cau ambon dikorangan kanyéré ka pipir-pipir Lalaki ambon sorangan awéwé teu mikir-mikir Cukleuk leuweung cukleuk lamping jauh ka sintung kalapa Lieuk deungeun lieuk lain jauh ka indung ka bapa Deungkleung déngdék deungkleung déngdék buah kopi raranggeuyan Ingkeun ieu anu déwék ulah pati diheureuyan És lilin buatan Bandung dicandak ka Cipaganti abdi isin bararingung sok inggis henteu ngajadi Itikurih Béntang Sinar maén di lapang Cicéndo Nyeri peurih kunu anyar matak henteu hayang nénjo Itu saha nungtun munding digantélan saputangan Itu saha ginding teuing singhoréng geuning jungjunan Jeruk lemo jeruk butun diteundeun di ruyuk kaso Tilam sono ka nu ngantun sampeureun isuk pagéto Kamana ngaitkeun kincir ka kalér katojo bulan Kamana ngaitkeun pikir moal palér ku sabulan Kapinis ulah disumpit tangkal muncang ngarangrangan Ieu nulis badé pamit duakeun ti kaanggangan Karinding palapah kawung ditiup ku nu paranti Nu ginding ulah mangpaung sing émut ka diri abdi Kaso pondok kaso panjang kaso ngaroyom ka jalan Sono mondok sono nganjang sono patepang di jalan | Kembang goyang jeung érmawar pacampur jeung kacapiring Hariwang réa kakelar tagiwur teu genah cicing Lampuyang nu cocongoan bawaeun ka Rajagaluh Ku hayang nya sosonoan isuk mah urang pajauh Leuleupeutan leuleuweungan ngarah kékéjoanana Deudeukeutan reureujeungan ngarah téténjoanana Majar manéh nganyam samak neukteukan bari motongan Majar manéh néang anak ngadeukeutan popotongan Meuncit meri dina rakit boboko wadah bakatul Lain nyeri ku panyakit kabogoh direbut batur Ngala antanan ka jami cau emas tengah huma Kahayang ulah rék lami geura unjukan ka Ama Ngalantung mulungan tanjung bari metik nagasari baringung pikir mangpaung ati ceurik jeung rarisi Ngaput baju kurang benang gantian ku kantéh baé Mun panuju geura téang kuring mah rék daék baé Ngimpi ngajul kembang tanjung ngimpi ngala nagasari Ngimpi tepung jeung nu jangkung tara-tara ti sasari Pileuleuyan cangkang béas huut sajeroning kéjo Pileuleuyan urang ikhlas imut sajeroning nénjo Pileuleuyan daun pulus kararas daun katimpang Pileuleuyan ulah tulus masing ras ka nu di tukang Pucuk tiwu akar bangban amis mata disusukan Mun rék milu geuwat dangdan cimata geura susutan Rayagung tanggal sapuluh kasungka reujeung maléla Abdi burung mun teu tulus kasuka da ti baheula Reundeu beureum reundeu hideung reundeu kayas solempangan Beuki heubeul beuki nineung beuki lawas kaédanan Rincik-rincik hujan leutik paralak hujan tambaga Nilik-nilik mojang leutik teu terang aya nu boga Samping hideung dina bilik kumaha nuhurkeunana Abdi nineung ka nu balik kumaha nuturkeunana Saninten buah saninten dibantun ka parapatan Hapunten abdi hapunten tangtos seueur kalepatan Sayang kaak diarengan diasupkeun kana peti Hayang angkat sasarengan bati gegetun nya ati Talingtung talina benang mobil beureum diguratan Satungtung teu acan beunang moal eureun disuratan |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar